Sababaraha poe katukang, gusti allah maparinan kakiatan ka kuring nincakeun suku di taneh jawa timur. Laina rek laga jiga jalma kuat kuring naekeun gas ka surabaya, Saukur hayang apal, ari nu ngarana surabaya teh kumaha. Ngan saukur nambaan tatanya dina hate kumaha bentukna suramadu nu ceunah ceuk batur jadi ikon Kota pahlawan di pulau jawa. Ari si aya rasa gumun tur rarasa loba teu apal.Samemeh na nincakan taneuh Surabaya kuring menta papatah heula ti tatangga kamer kos. Dari pada sasab di jalan pan mending tatanya heula. matakna ku tatangga teh diberean urutan kota nu kudu di liwatan jeung jalur nu ulah di liwatan. Harita Jam 3 janari kuring can sare padahal . alih0alih hudang jam 9 peuting, kuring ngarasa awak rek jagjag nepi ka Surabaya jam 12 beurang.
Brung sora motor geus kadenge ti satas subuh. Ah da geus di omean Rem na ieuh kamari, jadi asa rek wani momotoran nepi ka Surabaya teh. ngudag panon poe, motor ku kuring di jalankeung. Tiris kacida hawa harita, tapi da kumaha deui bakat ku hayang apal na.
Nepi perbatasan Klaten kuring mikir deui "naha kuat ieu awak lamun mawa motor sorangan?" ku kituna muka GPS weh kuring teh. neangan arah ISI surakarta, sugan babaturan daek ngabaturan ka Surabaya.
Nepi di tengah kota kuring nanya ka awewe nu eureun babarengan di lampu merah. pok teh ari nanya kalah ka eta awewe mikir na lila teuing. atuh lampu merah teh kalah ka erep ku mikir neangan jalan. Brung weh kami teh ninggalkeun eta awewe . daripada kudu klaksonan mobil isuk isuk. Sanepinya di Rektorat ISI Surakarta, kuring karek nanya arah ka babaturan. barina sasadu rek nganjangan ka kosan manehanana.
Meunang balad ti Surakarta kuring lanjut jalan ka Surabaya. lamun teusalah saenggeus surakarta, kuring eureun lima kalian. Maklun pamuda boyot, jadi teu kuat nyetiran lila lila. di daerah madiun kuring manggihan hiji masjid nu ngingetkeun kuring ka jaman pasantren baheula. masjid na masjid Pancasila (aslinamah masjid jieunan yayasan bakti islam pancasila, ngan terkenalna masjid Pancasila). di dinya kuring manggihan rasa ayem ngalakonan solat ka pangeran. asa nyanghereupan langsung ka pangeran. Kuring percaya dina wancik harita, yen jalma deukeut ka pangeranna nalika manehna apal kaayaan manehna teu aman salawasna, nyakitu jalma nu keur sasaba jauh, pasti loba kasempetan malaikat maut nyabut nyawa di perjalanan, boa-boa di tabrak treuk, boa boa di tabrak laleur tuluy cecekan dina panon tuluy asup jurang, boa boa nundutan tuluy teu sadar nengah terus di tabrak munding nepi ka bocor sirah.)
Rampung Ngadua kuring menta babturan gantian mawa motor (da ku kaingetan tea). tamat mapayan walungan Brantas nu kitu panjang na tur matak kesel na. nepi kuring di daerah Mojokerto (nu harita di sangka Surabaya ku kuring). nepi dinya bayangan kota pahlawan geus kabur ka awang-awang. Sugan teh Surabaya lain kota. paingan di sebut Kota pang badag na ka 2 di indonesia. jalanna padet, semrawut bari ngaheab hawana lain panas panon poe tapi panas polusi.
nepi daerah UIN kuring ngahubungan babaturan deui nu Kuliah Di UIN. di jemput ka hareupeun apartemen (calon) deukeut UIN, tuluy kuring di bawa ka kosan na nu teu pati jauh ti kampus UIN.
bersambung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar