Sabtu, 04 Januari 2014

Neang Jajati Diri di Surabaya (part 2)

Awak kuring sanepina di kosan babaturan tuluy di goledag keun dina karpet nu teu pati bersih tapi ngeunaheun di pake sare. Meunang sare 4 jam, kuring dihudangkeun ku gateulna bitis nu digegelan reungit. Cenahmah pedah usum hujan jadi loba reungit di daerah kampung dinya. hudang bari linglung kuring karek sadar eta kamer sabenernamah lega tur pibetaheun (lamun beres mah). Printer, laptop, awi paeh nu dipotan, tangkal jambu paeh nu dipotan, kasur, samak, karpet, rak buku, buku-buku, magic jar, piring, sendok jeung sajabana asa euweuh bates geng gengan na. paingan wae reungit resep ngegelan bitis, asa lain ku hujan- hujan teung kapanan.
Liwat rasa linglung, kuring cengkat ka Cai nu euweuh WC an. Tuluy we kiih dina liang pamiceunan cai da euweuh WC tea. bari reungit masih keneh tuluy milu nepi ka WC. tamat ka cai kuring langsung ngajak ulin da rarasaan waktu di Surabaya moal meunang lila. leuwih leuwih harita tanggal 28 . jadi sakeudeung deui bakalan tanggal 1 Januari.
Ipong (babaturan nu di UIN tea) ngajakan mangkat ka jembatan Suramadu . da teu Apal nanaon tea kuring mah nutur wae di tkangeun manehna. Naha nu ditutur teh horengan kalah nyasab. kuring jadi tatanya dina hate, ieu jalma 4 tahun di Surabaya jiga tara manggihan jalan wae. nya da ku teu apal kuring mah nutur keun wae.
Nepi di GErbang tol Sura madu, aya tulisan : motor 3000. Nya kaharti meuntasan Laut make jembatan ku 3000 mah. Asup dibayaran ku si Agung (babaturan mulung ti Surakarta tea). nepi ditengah Suramadu dina pikiran kuring meuntas tatanya "naha ieu walungan teh lega pisan" teu jauh karek urang sadar, ieu teh meuntasan Laut, lain walungan. ku hebat-hebat na pangeran nyiptakeun pikiran jalma, Laut oge kanyat dipeuntasan ku Cukang. teu aneh lamun isukan naraka di Cukangan ku buuk ge.
Foto
nepi diujung Suramadu tiluan eta lalaki, eh arurang tiluan meuli jagong kulub harga 2 rebuan. kabayar lah 2000 meunang jagong ngora tuluy di kulub mah. teu puas meuntasan laut, kuring mutuskeun kudu nepi di kota terdekat madura. poho ngaran namah, tapi eta jalan ka madura ternyata leuwih aheng tibatan jalan ka kampung uing. Lega bari kosong, jadi bisa mawa motor nepi 120 mah. karekeun urang mawa motor tarik teu sieun labih. keur mah alus, lega kosong, caang, rata deuih.
nepi di Alun alun  kota kuring reuwas, Alun alun kota na poek, tur karek sadar eta maleman minggu. harita timbul suudzon ka pejabat kota nu ngahajakeun moekan alun-alun ameh loba pamuda nunaikeun hajat kapamudaan na. tapi horeng teh keur aya perbaikan jalur listrik. *sumber tukang jualan kopi di alun-alun. ti alun alun urang masih keneh mawa babawaan tatanya , arti lambang kota eta teh aya nu aneh, lambang bentuk senjata kembar tapi mirip kuda laut teh eta naon. sanyaho urang mah senjata madura nu apal teh ngan clurit, horeng teh aya nu sejen. bentukna hampir sarupa jeung kujang tapi proporsi na tibalik. *kanu apal lambang eta mangga komentar di handap.
tamat nyarita di warung kopi, arurang marangkat sabab warung kopina geus tutup. niatan popotoan di alun alun teu jadi da poek, mun kamerana make blits karunya nu keur hajatan dina pager2 alun-alun. KAGANGGU. mangkat ti dinya arurang meuntas deui Suramadu. neangan spot nu merenah jang moto, kalah meunang spot anu deukeut warung kopi nu rame na kacida. mun di regepan lagu-lagu nu diputer, asa keur nontonan show di Camfrog. . balik ti spot foto tadina mah rek kajembatan merah . tapi kusabab si Ipong na teu apal jalan , mending keneh mulang tibatan sasab mumuteran surabaya jam 1 peuting barang urang surabaya na. memeh asup gang ka kosan Ipong diner heula di warung makan urang madura. jadi nyebrang ka madura dahar dahareun madurana di pulau jawa.

Bersambung...

Neang Jajati Diri di Surabaya (part 1)

FotoSababaraha poe katukang, gusti allah maparinan kakiatan ka kuring nincakeun suku di taneh jawa timur. Laina rek laga jiga jalma kuat kuring naekeun gas ka surabaya, Saukur hayang apal, ari nu ngarana surabaya teh kumaha. Ngan saukur nambaan tatanya dina hate kumaha bentukna suramadu nu ceunah ceuk batur jadi ikon Kota pahlawan di pulau jawa. Ari si aya rasa gumun tur rarasa loba teu apal.
Samemeh na nincakan taneuh Surabaya kuring menta papatah heula ti tatangga kamer kos. Dari pada sasab di jalan pan mending tatanya heula. matakna ku tatangga teh diberean urutan kota nu kudu di liwatan jeung jalur nu ulah di liwatan. Harita Jam 3 janari kuring can sare padahal . alih0alih hudang jam 9 peuting, kuring ngarasa awak rek jagjag nepi ka Surabaya jam 12 beurang.
Brung sora motor geus kadenge ti satas subuh. Ah da geus di omean Rem na ieuh kamari, jadi asa rek wani momotoran nepi ka Surabaya teh. ngudag panon poe, motor ku kuring di jalankeung. Tiris kacida hawa harita, tapi da kumaha deui bakat ku hayang apal na.
Nepi perbatasan Klaten kuring mikir deui "naha kuat ieu awak lamun mawa motor sorangan?" ku kituna muka GPS weh kuring teh. neangan arah ISI surakarta, sugan babaturan daek ngabaturan ka Surabaya.

Nepi di tengah kota kuring nanya ka awewe nu eureun babarengan di lampu merah. pok teh ari nanya kalah ka eta awewe mikir na lila teuing. atuh lampu merah teh kalah ka erep ku mikir neangan jalan. Brung weh kami teh ninggalkeun eta awewe . daripada kudu klaksonan mobil isuk isuk. Sanepinya di Rektorat ISI Surakarta, kuring karek nanya arah ka babaturan. barina sasadu rek nganjangan ka kosan manehanana.
Meunang balad ti Surakarta kuring lanjut jalan ka Surabaya. lamun teusalah saenggeus surakarta, kuring eureun lima kalian. Maklun pamuda boyot, jadi teu kuat nyetiran lila lila. di daerah madiun kuring manggihan hiji masjid nu ngingetkeun kuring ka jaman pasantren baheula. masjid na masjid Pancasila (aslinamah masjid jieunan yayasan bakti islam pancasila, ngan terkenalna masjid Pancasila). di dinya kuring manggihan rasa ayem ngalakonan solat ka pangeran. asa nyanghereupan langsung ka pangeran. Kuring percaya dina wancik harita, yen jalma deukeut ka pangeranna nalika manehna apal kaayaan manehna teu aman salawasna, nyakitu jalma nu keur sasaba jauh, pasti loba kasempetan malaikat maut nyabut nyawa di perjalanan, boa-boa di tabrak treuk, boa boa di tabrak laleur tuluy cecekan dina panon tuluy asup jurang, boa boa nundutan tuluy teu sadar nengah terus di tabrak munding nepi ka bocor sirah.)
Rampung Ngadua kuring menta babturan gantian mawa motor (da ku kaingetan tea). tamat mapayan walungan Brantas nu kitu panjang na tur matak kesel na. nepi kuring di daerah Mojokerto (nu harita di sangka Surabaya ku kuring). nepi dinya bayangan kota pahlawan geus kabur ka awang-awang. Sugan teh Surabaya lain kota. paingan di sebut Kota pang badag na ka 2 di indonesia. jalanna padet, semrawut bari ngaheab hawana lain panas panon poe tapi panas polusi.
nepi daerah UIN kuring ngahubungan babaturan deui nu Kuliah Di UIN. di jemput ka hareupeun apartemen (calon) deukeut UIN, tuluy kuring di bawa ka kosan na nu teu pati jauh ti kampus UIN.

bersambung